Halaman

Cari Blog Ini

Selasa, 20 November 2012

Contoh Pupuh Sunda

Asmarandana
Eling eling mangka eling (8-i)
rumingkang di bumi alam (8–a)
darma wawayangan bae (8–e)
raga taya pangawasa (8–a)
lamun kasasar lampah (7–a)
nafsu nu matak kaduhung (8–u)
badan anu katempuhan (8–a)


Balakbak
Aya warung sisi jalan rame pisan – Citameng (15-e)
Awewena luas luis geulis pisan – ngagoreng (15-e)
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet – nyanggereng (19-e).

Dangdanggula
Mega beureum surupna geus burit (10-i)
Ngalanglayung panas pipikiran (10-a)
Cikur jangkung jahe koneng (8-e)
Naha teu palay tepung (7-u)
Sim abdi mah ngabeunying leutik (9-i)
Ari ras cimataan (7-a)
Gedong tengah laut (6-u)
Ulah kapalang nya bela (8-a)
Paripaos gunting pameulahan gambir (12-i)
Kacipta salamina (7-a)

Durma
Moal ngejat sanajan ukur satapak (12-a)
Geus dipasti ku jangji (7-i)
Mun tacan laksana (6-a)
Numpes musuh sarakah (7-a)
Heunteu niat seja balik (8-i)
Najan palastra (5-a)
Mati di medan jurit (7-i)

Gambuh
Ngahuleng banget bingung (7–u)
henteu terang ka mana ngajugjug (10–u/i)
turug turug harita teh enggeus burit (12–i)
panon poe geus rek surup (8–u)
keueung sieun aya meong (8–o)

Gurisa
Hayang teuing geura beurang (8–a)
geus beurang rek ka Sumedang (8–a)
nagih anu boga hutang (8–a)
mun meunang rek meuli soang (8–a)
tapi najan henteu meunang (8–a)
teu rek buru buru mulang (8–a)
rek tuluy guguru nembang (8–a)
jeung diajar nabeuh gambang (8–a)

Jurudemung
Mungguh nu hirup di dunya (8-a)
Ku kersaning anu agung (8-u)
Geus pinasti panggih (6-i)
Jeung dua rupa perkara (8-a)
Senang paselang jeung bingung (8-u)

Kinanti
Budak leutik bisa ngapung (8-u)
Babaku ngapungna peuting (8-i)
Nguriling kakalayangan (8-a)
Neangan nu amis-amis (8-a)
Sarupaning bungbuahan (8-a)
Naon bae nu kapanggih (8-i)

Lambang
Nawu kubang sisi tegal (8–a)
nyair bogo meunang kadal (8–a)
atuh teu payu dijual (8–a)
rek didahar da teu halal (8–a)

Magatru
Mun sumuhun ieu teh namina curuk (12-u)
nu alit namina cingir (8-i)
anu panjang mah jajangkung (8-u)
gigireunana jariji (8-i)
anu pangageungna jempol (8-o)

Maskumambang
Duh manusa mana kaniaya teuing (12-i)
teu aya rasrasan (7-a)
abong ka mahluk nu laip (8-i)
nyiksa henteu jeung aturan (8-a)

Mijil
Mesat ngapung putra Sang Arimbi (10-i)
Jeung mega geus awor (6-o)
Beuki lila beuki luhur bae (10-e)
Larak-lirik ninggali ka bumi (10-i)
Milari sang rai (6-i)
Pangeran Bimanyu (6-u)

Pangkur
Seja nyaba ngalalana (8–a)
ngitung lembur ngajajah milang kori (12–i)
henteu puguh nu dijugjug (8–u)
balik paman sadaya (7–a)
nu ti mana tiluan semu rarusuh (12–u)
Lurah Begal ngawalonan (8–a)
“Aing ngaran Jayapati” (8–i)

Pucung
Estu untung nu bisa mupunjung indung (12–u)
jeung nyenangkeun bapa (6–a)
tanda yen bagjana gede (8–e)
hitup mulus kaseundeuhan ku berekah (12–a)

Sinom
Warna-warna lauk empang (8-a)
Aya nu sami jeung pingping (8-i)
Pagulung patumpang-tumpang (8-a)
Ratna Rengganis ninggali (8-i)
Warnaning lauk cai (7-i)
Lalawak pating suruwuk (8-u)
Sepat pating karocepat (7-a)
Julung-julung ngajalingjing (8-i)
Sisi balong balingbing, sisi balungbang (12-a)

Wirangrong
Barudak mangka ngalarti (8-i)
Ulah rek kadalon-dalon (8-o)
Enggon-enggon nungtut elmu (8-u)
Mangka getol mangka tigin (8-i)
Pibekeleun sarerea (8-a)
Modal bakti ka nagara (8-a)

Ladrang
Aya hiji rupa sato leutik (10-i)
Engkang-engkang, engkang-engkang (8-a)
Sok luluncatan di cai (8-i)
Ari bangun arek sarupa jeung lancah (12-a)

sumber

Tidak ada komentar:

Posting Komentar